![]() |
Harimau. Sumber: unik |
Aku mau mencoba menulis dan bercerita dalam bahasa Sunda. Ya, meski bukan Sunda yang halus sebab aku merasa telah kehilangan akar budayaku. Meski keluarga ayahku berasal dari Tasikmalaya yang dikenal berbahasa Sunda halus, aku tak bisa berbahasa Sunda halus. Lingkungan masa kecilku tidak menggunakan bahasa Sunda halus dalam percakapan mereka sehari-hari.
Kami hanya menggunakan Sunda
halus sesekali saja, saat bicara dengan orang yang lebih tua. Lebih parah lagi,
meski keluarga ibuku berasal dari Blitar, Jawa Timur, aku nggak bisa berbahasa
Jawa. Saat bicara dengan ibuku kami menggunakan bahasa Indonesia. Nah, meski
aku kelahiran Lampung aku nggak bisa berbahasa Lampung kecuali beberapa kata
saja. Di lingkunganku tak ada orang Lampung.
***
Kapengker, waktos abdi masih alit
pisan, abdi mah resep pisan ningalian leweng nu katingali di harepen bumi. Komo
lamun parantos hujan ririntik. Heg aya sinar koneng kaemasan tina panon poe di
pabelah Barat. Tah, eta karesep sami pisan sareng karesep Nini. Eta leweng,
bukit rupana mah, hilap naon naminya. Komo mun aya pelangi nu warna-warni mah,
hade pisan eta dunia.
Nini sok nyarita, pas eta panen
poe nyinaran gunung, cena aya maung ker moe awakna. Maung mun cek bahasa
Indonesia mah Harimau. Ah, abdi mah te percaya eta di leweng nu saparohnya tos
jadi kebon kopi aya maung. Saprak dipikir-pikir lila-lila pan ari maung mah da
hirup dina leweng nu lebet pisan, nu eweh kebon kopina, nu kayuna garede ciga
drem. Tapi da ngarana oge budak letik, percaya we ka carita Nini mah dan Nini
ges lila pisan hirup di dunya jadi seer pisan pangalaman nana. Sok asa
bobodoran mun carita jeung Nini mah, hihihi.....
"Sok
gera toong eta pamoean Maung, Lutung oge pan pada caricing te sosorakan." Nini nyarios sabari ningali
ka arah gunung. Eta gunung warnana hejo pisan, seger pisan. Eta karunia Ilahi.
langit biru ciga lautan, awana bodas bersih ciga kapas. Endah pisan hirup di
kampung mah, te loba kasusah. Tentrem hate. Cek Nini mah, eta Maung teh nu
ngajaga urang Sunda saprak pindah ka Sumatera pas program Transmigrasi. Komo
ari si Bapak abdi mah sok ngadongeng ceunah mah eta Maung tah jalmaan Prabu
Siliwangi nu ngalindungi rakyat karajaan Pasundan. Ah, abdi mah da teu percaya.
Asa teu asup diakal. Kumaha coba Raja nu kasep jeung gagah ngarubah jadi Maung.
Aya aya wae ah....
Tos tepang taun abdi te uih ka
lembur, ka kampung halaman, mani sono. Ya, paling uihna pas Lebaran, da sadaya
kulawarga ngumpul di bumi paninggalan Nini anu diurus ku Paman pang bageruna
sa-dunya, ngumpul disisi Nini. Ayena mah, tos pararisah, jadi mun uih ka
kampung teh teu aya babaturan carita jeung ngadongeng. Nini mah salain sok
ngadongeng soal Maung sok resep pisan ngadongeng soal jaman Walanda, nembang
lalaguan nu te kaharti, jeung ngawayang.
Eleh-eleh, eta Nini mani resep pisan
kana carita Wayang. Padahal eta mun aya acara Wayang dina Radio pan nganggo
bahasa Jawa alus, kumaha eta Nini ngartos bahasa Jawa? bararingung ah. Cek Nini
mah iye sungai-sungai di dunya teh buatan Bima, tokoh Pandawa nu paling gagah
nu awakna ciga raksasa nepi ka langit, lain buatan Tuhan. Asa lelewiheun. Ngaco
pokona mah si Nini ari carita, nyien bulu kuduk nararangtung ciga bilatung.
Tapi da bilatung mah teu bisa nangtung nyak, paling oge jejeretan ciga cacing
gereng kapanasan.
Tapi, ayeuna mah eta gunung tos
ruksak gara-gara jelema ngebon kopi di luhurna, di leweng nu gede, nu
bener-bener aya Maung hirup. Pokona mah mun ceu jalma modern mah 'perambahan
dan alih fungsi hutan' kitu lah. Trus mun cek jelema Bule mah 'Degradation
and deforestation'. Sok, jelema kampung abdi mah, nu lolobana te
sakola mana peduli soal leweng.
Nu penting mah bisa ngebon, hirup tenang. Da
pamimpin Kabupatenna oge curang geuning nyak, makaya diri sorangan jeung
kulawarganya. Geur atuh rakyat nu salangsara mah ngaruskak leweng. Duka da etah
kumaha nasib di Maung. Eta oge heeh mun aya Maung. Nya mun eweh mah kacida eta
Nini ngan ngadongeng hungkul supaya abdi percaya caritana, hehehe.....
Maka eta, pas aktivis WWF atau Greenpeace kampanye soal pentingna ngalindungi sesa Maung Sumatera, abdi mah bongah pisan. Baheula mah sok nanya ka diri sorangan, "Naon guna Tuhan nyiptakeun Maung nu galak, cacing nu ciga eweuh guna? Dipikir-pikir tapi teteup we teaya jawabna.Eh, ayeuna mah geunging ngartos da mun Maung tos punah etah pertanda leweng ges ancur-ancuran. Mun ceuk palajaran Biologi mah bakal rusak rantai makanan. Imbasna eta jalma bakal kalaparan atawa krisis pangan.
Mun kitu mah abdi teh nyuhunkan kahapunten kasadaya nu salama ieu berjuang melindungi Maung Sumatera kanggo kahirupan sadaya manusa di Indonesia. Mun ningali berita aya Maung anu paeh diburu atawa diracun manusa atawa dijual buluna ku jelema jahat, asa waas kana eta Maung. Waas kana takdirna kudu jadi kitu. Sabari kehel ka jelema nuh jahat ka maung, asa hayang mitesken behengna. Mugi-mugi kaharepna Muang Sumatera masih bisa dipelihara supaya leweng di saantero Sumatera te raruksak.
Depok, 21
Desember 2013
No comments:
Post a Comment